“Pami leres Aang bogoh ka abdi. Tabuh salapan énjing, diantos ku abdi di rorompok. Kadé, teu kénging hilap!” Sms ti manéhna, ku kuring ditémbongkeun ka tukang bakwan. Saumur ngedalkeun cinta, kakara ayeuna aya awéwé nu méré harepan. Saratus persén sigana kuring bakal ditarima. Naon deui, asal ulah telat. Komo mun datangna jam dalapan mah, diajak kawin ogé sigana daékeun. “Kadé atuh ulah poho, da nu bogoheun ka si Tétéh téh loba. Ulah digawé mun bisa mah” Tukang bakwan, langganan kuring téh, méré bongbolongan. Puguh wé asa kaingetan. Enya, ceuk béja, nu bogoheun ka manéhna téh loba. Bisi kaburu kapiheulaan ku batur, isuk kuring rék peré. Isukna. Jam salapan téng. Kuring geus di imah manéhna. Sabada uluk salam. Kuring dititah asup ka jero. “Enéngna ogé tos angkat, Cép. Tadi, aya nu ngajemput” Kuring ngajenghok. Reuwas nakeranan. “Sareng saha, Bu, angkatna?” Kuring panasaran “Sareng si Emang nu sok icalan bakwan!”