SUP, ka toko. Ngelekeb. Hareudang. Jelema pagelek-gelek, hésé usik-usik acan. Geus kitu, bau kélék deuih. Meni mabek. Piraku si Tétéh mah. Nu dirérét, kalah jongjon milihan baju. Boa kélék uing kitu? Ah, kélék uing mah asa teu haseum kawas kieu. Enya, nungguan lowong mah can puguh iraha, seseledek wé nyamperkeun pelayan. “Néng, switer sabaraha pangaosna?” Cekéng, bari ngasongkeun switer. “Ka palih ditu, Pa!” Témbalna, nitah uing ka jero. “Néng, switer sabarahaan pangaosna” Pelayan nu rada gendut, ku uing ditanya. Pokna téh, kumaha? “Ka palih ditu Pa, sanés bagéanana!” Mélaan switer, kapaksa uing kudu seseledek. Tepi ka juru. “Switer nu ieu, sabaraha Néng pangaosna?” Bisi kapiheulaan ku batur, gewat wé si Néng téh digeroan “Switer mah di lawang Pa” Témbalna deui, sakadaék. Haaaar!!! Teu lieur kitu ieu téh? Tadi dititah ka jero, ayeuna dititah ka lawang. Bakating ku pusing. Léos wé ka luar. Balik. Tepi ka imah. Berekah. Euweuh nu ngudag.