Fiksimini: Témpé
MULANG ti kantor. Keur surupat serépét, seseledek, nyingkahan macét. Tara-tara ti sasari, pamajikan nelepon. Kadéngéna téh nitah pangmeulikeun témpé. Buhan di jalan. Sora pamajikan awor jeung sora motor, teu loba omong, diheugkeun wé. Nepi ka pasar. Salian ti témpé. Sabangsaning tahu, endog, wortel, kurupuk, jeung daging sapi ogé, teu katinggaleun dibeuli. Dua ratus rébueun kurang leuwih. Enya, keur mahugi. Duit sakitu mah, teu jadi masalah. Engké ogé bakal digantian ku kanikmatan nu leuwih-leuwih. Mangkaning peuting tas paséa. Sapatemon tas paséa mah,biasana sok matak pogot. “Konci bumi handapeun pot. Teu kedah sasauran, lebet wé, abdi tos ngantosan di kamar!” Sms ti pamajikan, matak surser. “Siaaap!” Témbal kuring dina jero haté. Nepi ka imah. Sanggeus muka baju, muka calana. “Sinanteneun miwarang mésér témpé, biasana ogé teu sedep lin?” Ceuk kuring, bari ngagabrug manéhna. “Saha nu miwarang mésér témpé?” Pamajikan, nguniang hudang. “Naon, atuh?" Kuring reuwas. “Ipéd, Aa, Ipéd. Naha, témpé?”