BANGSAT kasebelan. Teu kaop nempo sendal weuteuh, gancang dipaok. Teu karunyaeun pisan. Karék tadi meulina ogé. “Kudu dijebak, Pah!” Pamajikan, méré ideu. Kaharti kana kitu mah. Sabab lain sakali dua kali. Ti saprak kawin, nepi ka boga anak lima. Ti mimiti ngontrak, nepi ka boga imah di pérum. Sendal nu dipaok, aya kana saratus. Béda-béda mérek éta téh. Ti mimiti Swallow, Ando, Ardiles, Barnét, Carvil, Néckerman, malah mérek New Éra ogé kungsi. Piraku kudu dijebak mah? Gebeg. Haté ujug-ujug ngagebeg. Ras inget mangsa keur bujangan, basa keur nyobat jeung si Élan. Astagfirulloh. Jam tilu peuting. Basa pamajikan keur sesegor. Kuring nyegruk, nyuuh, luhureun sajadah. Teuing sabaraha ratus sendal nu geus dipaok ku uing. Teuing sabaraha ratus jelema nu ngupat, ngaduakeun goréng ka uing? “Ya, Alloh, nyanggakeun sadaya-daya. Teu daya, teu upaya. Melak cabé bakal jadi cabé, melak bonténg bakal jadi bonténg. Rumaos, kapungkur abdi sok maokan sendal”