Fiksimini: Kapiuhan


Fiksimini-Kapiuhan
HUJAN ngagebrét. Sup, manéhna ka jero réstoran. Lalaki tengah tuwuh, kasampak keur ngadagoan. “Sajuta?” Si Bapa, muka omongan. “Ngojay?” Manéhna, ngadilak. “Dua juta satengah atuh?” Ngomong kituna téh bari nyalukan pagawé réstoran ku isyarah. Teu kungsi lila. Beuleum lauk, sop buntut, dua gelas jus alpuket, jeung sangu saboboko, geus ngabarak dina méja. “Sok, teu kénging isin-isin sareng Bapa mah, bilih hoyong nu sanés, kantun pesen” Ngan sakétap, dahareun nu cikénéh dijajarkeun ku pelayan, ledis teu sakara-kara. “Sabaraha atuh kinten-kintenna?” Bérés dahar. Négo harga, masih kénéh batu turun, keusik naék. Enya, mun teu ngadilak. Manéhna ukur mésem, teu lémék, teu nyarék. “Bapa téh sibuk, seueur kénéh kaperyogian. Pami kersa mah, sok wios sapuluh juta. Tapi, dua jam. Ieu konci kamar hotélna. Antosan wé, ké bada ashar, Bapa nyusul” Pokna, bari nyokot duit dua gepok, tina jero tas. “Punten Pa, abdi petugas KPK?” Ngadéngé kitu, harita kénéh, si Bapa langsung ngudupruk. Kapiuhan.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url