Fiksimini: Nyekar
“Naon susahna atuh, nyekar? Sok geura cobaan, bisi ti dinya masalahna,” Kitu kasauran Mama Ajengan, basa harita. Heueuh, naon héséna, atuh? Kuring, ngagerentes sorangan. Salila rumah tangga, hirup téh asa teu robah-robah. Keur ngeunah-ngeunah usaha, jes, pareum. Maju deui, jes deui, pareum. Ngan, kitu jeung kitu wé. Sakapeung mah sok karunya ka anak pamajikan. Watir ninggalina. Hayang itu ieu, teu kabeuli. Matak, kamari mah basa diajak ku pamajikan, nganjang ka imah Si Mama. Haté téh ujug-ujug léah. “Diheunteu-heunteu ogé, éta téh kolot urang. Sok geura longok, ménta dihampura. Bisi urang boga dosa. Tuluy ngadu’a, ménta sangkan usaha urang, sing dilancarkeun. InsyaAlloh, maranéhanana bakal raridhoeun.” Pokna, méméh kuring jeung pamajikan, amitan. Teu talangké. Isukna. Ba’da jumaah. Kuring sakulawarga, indit ka gunung. Nyekar ka makam Ema jeung Abah. Berekah. Teu salah gening omongan si Mama téh. Saminggu ti tas nyekar. Kuring menang bati saratus juta, ladang ngajual sawah, di jalan anyar.
Tampilanna pikaresepeun. Menawan, lir mojang nu keur midang ..heuheuheuheu.