Fiksimini: Kabungbulengan

Fiksimini-Kabungbulengan
UNGGAL ngeunteung, manéhna teu weléh gogodeg. Kurang naon atuh, kurang naon? Rarasaan asa euweuh cawadeun. Beungeut, kasép. Awak, ngeusi. Mobil, loba. Duit, teu kabilang. Rék néangan nu kumaha deui? Keur dangdak dék-dék kitu, tina jero eunteung, ujug-ujug aya nu nyakakak. Ku manéhna laju dipeureupan. Ditangtang. Masing disiarkeun dina tivi ogé gelutna, hayu, derrr! Pokna, ngawak-wak. Demi nu nyakakak, ngadéngé musuhna ngomong kitu, kalah ka ngahajakeun. Salian ti ngasongkeun cinggir, nonggéngan deuih. Praaaaang! Sateker kebek, eunteung ditonjok ku manéhna, nepi ka acak-acakan jeung figura-figurana. Jempling? Boro-boro! Basa manéhna keur méakeun hégak nu panungtung, hareupeun irungna pisan, nu nyakakak téh némbongan deui. “Geus nepi ka mana, usaha manéh hayang meunangkeun si éta? Geus nepi ka mana?” Tanyana. “Geus béak déngkak!” Témbalna, semu eungap. “Hudang. Ulah manjangkeun waé lamunan. Néangan deui wé nu anyar. Nu geulis loba kénéh” Nu nyakakak, mapatahan. Bareng jeung sora nu ngagedor-gedor panto. Sora nu ngagedor-gedor jandéla.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url