Fiksimini: Piknik Ka Bulan

Fiksimini-Piknik-Ka-Bulan
BASA manéhna, teu gugur, teu angin, mutuskeun kuring di péngkolan. Rarasaan téh, asa aya nu malédogkeun batu kana sirah. Asa aya nu nubleskeun pedang kana angen. Balukarna, kuring jadi langlang-lingling. Unggal poé, gawé téh ngan lus-los ka gudang. Mamanggul tarajé. Nénggoran ucing hideung nu ngaréngkol di juru para. Meupeus keuyang ka sato nu teu tuah teu dosa. Bakating kagégéloan ku manéhna. Sakali mangsa, kuring nepi ka ngimpi jadi lalaki romantis saalam dunya. Dina lawang panto imahna, méméh méré kado sapatu jeung sendal modél anyar, kuring ngasongkeun heula kembang. Tapi, kagégéloan kuring ka manéhna, ukur saharita. Sanggeus kuring bisnis online. Loba orderan, ti ditu, ti dieu. Ladang tina ngajual sepré jeung jas hujan, bisa nyieun imah jeung kabeuli mobil CRV. Lila-lila, kuring bisa mopohokeun manéhna. Enya, tong boro hayang awéwé geulis pantaran manéhna. Masing hayang piknik ka bulan ogé, ceuk paribasana. tinggal indit.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url