SALIAN ti kasép, boga Uwa téh, bageur deuih. Unggal ka imah, sok ngeupeulan duit. Leutikna, lima rébu. Gedéna, sapuluh rébu. Malah, ti heula, kungsi méré kertas aténsi, keur réquést lagu, di salah sahiji radio. Jeung, karcis gratis nonton film di bioskop. Hanjakal, uingna harita leutik kénéh. Kertas aténsi, jeung karcis gratis paméré si Uwa téh ku uing kalah dijeun paparahuan. Lila teu panggih, béjana gawé di Bogor, katempona si Uwa asa beuki pangling. Golepna, beuki nyérépét, jeung…teu lepas tina kacamata hideung. Hiji peuting. Basa si Uwa, tara-tara ti sasari mondok di imah. Saré di kamar, duaan jeung uing. Éra-éra ogé, uing ngawanikeun nanya, kunaon manéhna teu kawin-kawin? Bari ngarawél gado, si Uwa ngajawab, “Teu acan hoyong, A. Émut kénéh ka Uwa Dédé” Pokna. Bener kitu, si Uwa inget kénéh ka Uwa Dédé, lanceuk si mamah? Lamun bener, kunaon si Uwa ngarawél gado uing? Kunaon, si Uwa nindihan awak uing?