Perpustakaan
“Inget kénéh teu, ka uing?,” Buku heubeul, nu jejerna Rajapati, ujug-ujug némbongan. “Heueuh, inget kénéh teu, ka kami?,” Buku nu lainna, jul jol, naluturkeun. “Piraku wé, teu inget, kana purwadaksi!,” Sugan uing, buku wungkul. Horéng, koran ogé, embung katinggaleun. Ngulisik, ka belah kénca. “Rék ingkar balilahan, atuh?,” Korsi, ulang-ulangan, luhureun sirah. Malik deui, ka belah ka tuhu. “Boa-boa, anjeun datang ka tempat kami téh, ngan saukur rék néangan jodo wungkul?,” Méja, hurung, ngabebela. Tungtung seuneuna, ampir-ampiran, ngaduruk bulu mata. Basa buku, koran, korsi, jeung méja, rék ngerekeb uing. Harita kénéh, uing langsung ngoréjat. Astagfirulloh! “Kunaon, yang?,” Pamajikan, sarua, ngilu reuwas. “Ngimpi, diudag-udag perpustakaan!,” Uing, cengkat. Leguk, nginum cihérang. “Nineung-nineung teuing atuh, ka Perpustakaan téh. Meni kabawa ngimpi sagala?” Pamajikan, jamotrot. Kusabab rumasa, dihenteu-henteu ogé, perpustakaan téh geus boga jasa. Isukna. Uing indit, ka perpustakaan. Karék gé dina lawang panto. Perpustakaan, nu biasana poék, cakueum. Kadatangan uing mah, langsung ngadak-ngadak, caang.