Surat Kalakuan Hadé


Fiksimini-Surat-Kalakuan-Hade
RAMPANG reumpeung ogé, kapaksa kuring nyarita, ka Petugas jaga. Datang ka Kantor téh, taya lian, hayang nyieun Surat Kalakuan Hadé. Sanggeus ditanya itu, ieu. Ku salah saurang Pulisi, duka Kapolsék, duka lain, kuring dibawa ka jero, ka hiji rohangan. Harita, di hiji rohang, nu pinuh ku gambar, siga mading di sakola, kuring dititah ngudar baju jeung calana. Basa ditanya alesanana kunaon, maké kudu ditataranjang? Si Bapa téh ngajawab, “Médical chéck up” Cenah, bisi dina awak kuring aya tatoan. Sanggeus difotoan, ti luhur, ka handap. Kuring dititah mencétan awak si Bapa. Kusabab hayang meunang Surat Kalakuan Hadé, horéam-horéam ogé, kapaksa nurut. Awak si Bapa nu jangkung hideung, ti mimiti sirah, tepi kana suku, ku kuring dirancét. Alhamdulillah, sajam ti harita, sanggeus médical chéck up jeung mencétan awak si Bapa. Kuring nampa Surat Kalakuan Hadé.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url