Baju Angry Bird
HABEK…!!!, Habek…!!!, Jebét…!!!, Jebét…!!!, “Kunaon atuh, Imran, hayang naon manéh téh? Datang-datang, ujug-ujug, najongan lomari, hayang jajan?,” Ti pipir, Ceu Iroh, rawah riwih. Katingalina téh bangun nu soak. Sup, ka tengah imah. Pakéan, geus patulayah. Lomari baju, kasampak semu nyanggéyéng sabeulah. “Geus dibéré lin, duit keur bekel isuk, sakola mah?,” Ceu Iroh, ambek kapegung. “Laiiin!,” Imran, budakna, ngahoak. “Naon, atuuuh?,” Ceu Iroh, malik, molotot. Budak hiji-hijina, pangadatanana téh, béda ti nu lian. “Baju Angry Bird nu abdi, mana?,” Imran, luwa-lewé, nahan piceurikeun. Gara-gara baju Angry Bird-na euweuh, ku babaturanana, pada naringgalkeun. “Maké baju nu mana wé atuh, ari euweuh mah. Rék ka mana deuih, sinarieun, hayang maké baju Angry Bird?,” Ngomong kituna téh, Ceu Iroh, semu carinakdak. “Pasti, ku si Bapa, nya? Goblog, si Bapa mah!,” Habek…!!!, Habek…!!!, Lomari téh ditajongan deui. Ceu Iroh ukur bisa ngaheruk, “Kieu gening, boga salaki, awakna sapantar jeung budak mah!” Pokna, dina jero haté.