Pahatulalis


Fiksimini-Pahatulalis
KEUR jongjon macul, ti tonggoh, budak nu bungsu ngageroan: “Pa, uih heula ceuk si Mamah, aya tamu!” Tara-tara ti sasari, tamu ti mana? Gerentes haté, bari tituturubun, ninggalkeun hancengan. Nepi ka imah, kasampak budak parawan jeung bujang keur murak susuguh. Nu bujang teu pati apal, ngan nu parawan asa inget-inget poho, teuing di mana, waas ku bangir jeung cureuleukna. Sanggeus malapah gedang, derekdek, budak nu parawan téh nyarita. Jauh-jauh ti kota ka lembur téh, taya lian hayang ménta diwalian. Sabulan deui cenah manéhna rék papacangan. Lain mentegeg deui. Enya, kakara inget. Ieu téh Rina, budak Entin, popotongan kuring. “Abdi téh tos pahatulalis. Mamah, Ema, Aki sareng Bibi, kamari maraot tabrakan. Terang ka dieu ogé, pédah diwartosan ku Pa RT” Ngomong kituna téh bari carinakdak. Ras, inget ka Entin. Deudeuh teuing. “Geulis, anaking. Boro-boro isuk atawa pagéto, masing ayeuna gé ku Bapa rék diwalian. Ngan, kumaha, Néng mah lain budak Bapa!”
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url