Kabeurangan
ARI geus datang panyakit, baku. Sakitu alarm Hp disadakeun gé angger we, shubuh téh sok kabeurangan. Kalan-kalan, ari hudangna beurang teuing mah, solat shubuh téh sok diliwat. Kajen dosa ogé, dari pada éra ku pamajikan, pajarkeun téh maenya kaluaran pasantrén shubuhna kabeurangan. Tadi mah, alhamdulillah, jam opat téh geus tanghiang. Malah, kusabab Ajengan Ocad nu sok jadi imam teu datang, ku jamaah téh kuring dipaksa ka hareup. “Mah! Mah!” Balik ti masjid, kuring ngagegedor panto. “Lebet wé, da teu dikonci!” Témbal pamajikan ti jero kamar. “Meungpeung Mamah teu acan ka jamban, bilih badé mindo mah, hayu!” Tara-tara ti sasari pamajikan téh ngajakan kitu. “Astagfirulloh!” Hareupeun pamajikan kuring adug lajer. “Kunaon?” Tanya pamajikan, api-api teu apal “Ari Papah téh tadi tos adus teu acan?” Kuring nanya ka pamajikan, bari seuseurian. “Haarr, sugan!” Témbalna deui, bari ngejat. Lampu kamar ku pamajikan, geuwat dipareuman. “Gustiii, teu sah atuh tadi solat berjamaah téh!”