Buhaya
DI sisi walungan. Teuing ti mana jolna. Buhaya nu panjangna kurang leuwih lima méter, beuratna satengah ton, kasampak geus calawak tukangeun nu keur bobogohan. Tinggal karérét ku salah saurang, laju ngagorowok satengah édan, sigana tamat tah sagala kahirupan. Tapi, dasar nu keur bobogohan, sok poho kana sagala rupa. Buhaya nu geus hos-hosan gé, méré kila-kila ku cara nu teu ilahar, jongjon teu dipaliré. “Sing percanten, Akang mah sanés buhaya. Masing énjing atanapi pagéto gé Akang siap nikah” Rahulna, bari gap deui ngusapan ramo si wanoja. Pinuh ku kadeudeuh. “Muhun, abdi percanten. Pami henteu mah, abdi moal kersa diajak jalan-jalan ku Akang.” Témbal si wanoja, semu ogo. “Nuhun atuh pami kitu mah. Kumargi sakedap deui badé magrib, hayu ah urang uih!” Jung, nu lalaki cengkat. “Muhun, hayu!” Dituturkeun ku si wanoja. “Tapi, kéla…” Nu lalaki ngalieuk heula ka tukang. Laju ngomong ka buhaya nu keur calawak: “Tidur lebih dalam! Tidur lebih dalam!”