Nagih Hutang


Fiksimini-Nagih-Hutang
"Goblog sia mah, teu inget basa keur nginjeumna. Lagu ditagih téh, sok kalah nyumput. Sok siah, rék dibayar moal? Aing geus béak kasabaran yeuh!” Gorowok Haji Ojo, di tengah imah, bari ngabus-ngabuskeun pélor kana péstol. Nu ditagih, Kang Engkus, ukur bisa ngaheruk, tungkul. Teu bisa ngomong naon-naon. Duit dalapan puluh juta ieuh atuh lain duit saeutik. Saha pijelemaeunana nu rék nginjemkeun duit saendeng-endeng. Jaba kudu aya harita deuih. Boro-boro sakitu, saratus rébu ogé sigana biheung. “Ngomong atuh koplok, bisi didor ku aing!” Keur nafsu mah jelema téh sok tara inget kana purwadaksi. Haji Ojo bisa beunghar kawas ayeuna téh syaréatna saha? “Sing inget atuh, Ji. Mun teu diajak ku urang dagang ka Jakarta mah, Haji téh moal kawas ayeuna. Cik atuh ménta kawijaksanaan saeutik mah” Sieun-sieun ogé, Kang Engkus, kapaksa ngomong. Ngadéngé kitu, Haji Ojo kalah ka beuki muncelik. “Heueuh, sok, ku aing rék dibéré kawijaksanaan. Asal, pamajikan manéh mana?”
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url