Apél
“Tiasa ngagitar teu, A?” Pokna, bari léléndéan. “Kunaon, kitu?” Témbal kuring, reuwas. “Antosan, sakedap” Manéhna cengkat. Gitar nu lanceukna, ku manéhna geuwat dijéwang. “Nu romantisnya A nyanyina. Meungpeung teu aya sasaha” Pokna deui, semu ogo. Bedul! Puguh kuring téh teu bisa ngagitar. Ieu kalah dititah ngagitar. Orokaya, késang badag, késang leutik, barijil tina sela-sela awak. Tapi, teu éléh géléng, ulah sebut kuring mun kuméok méméh dipacok. “Fals, néng!” Ceuk kuring, harita, ka manéhna. Nu keur léléndéan langsung ngoréjat. “Ah, nu leres A, tadi mah da waktos dianggo ku raka, saé?” Pokna, siga nu cangcaya. Beuki dieu, awak, kalah ka beuki hareudang. Teu puguh rarasaan. “Saé, kumaha Néng, fals kieu!” Senar gitar téh dijentréng-jentréng. Sangkan percayaeun, pamageuh senarna dioprék, dipuar-puir. “Yeuh, A, raka téh unggal minggon sok maén di café, sok akustikan. Ma enya gitarna fals?” Bakating ku éra, ti saprak harita, kuring teu apél-apél deui ka manéhna.