Meunang Undian


Fiksimini-Meunang-Undian
SOBAT ti keur Tsanawiyah. Ku barudak mah sok disapirakeun. Duka pédah awakna busekel, duka pédah panonna rada tileng. Mun ngilu nangkring di kios atawa di wartél, sok béak dijejeléh. Watir pokona. Mun pareng, sok diusapan tonggongna, “Sing sabar, saha nu apal, isuk pagéto, urang bakal jadi jelema beunghar” Kitu, papatah kuring, ka manéhna. Tilu taun teu panggih. Manéhna ngahajakeun ulin ka imah. Ngadongéng, ka ditu, ka dieu. Ti mimiti manéhna boga kulkas, nepi ka manéhna boga motor. Nu matak hélok, kulkas jeung motor, duanana lain hasil tina meurih, tapi meunang tina undian. Kulkas, hadiah tina jalan séhat. Motor, hadiah tina sapédah santéy. Ngadéngé kitu, saha jelemana nu teu uruy. Eta téh karék tina jalan séhat jeung sapédah santéy. Acan tina kuis radio jeung koran. Cenah mah teu kabilang. “Gening, maké bisa kitu, kumaha carana?” Kuring nanya ka manéhna. “Teu kumaha-kumaha, méméh diasupkeun kana kotak undian, dipuringkil-puringkil heula wé kuponna” Témbalna.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url