Kurban


Fiksimini-Kurban
HAYANG kurban, tapi pagawéan ukur dagang péso di Pasar. Nu batina paling gedé dua puluh rébu sapoé, éta ogé mun keur maréma. Keur tiiseun mah, nu aya kalah ka stréss. “Teu kudu hariwang, hayang-hayang teuing kurban mah, Nabi Ibrahim ogé meuncit Ismail” Ti peuting kénéh, sora nu ngaharéwos, hantem ngosolan. “Kapan Nabi Ismail harita, digantian ku domba!” Manéhna nyoba merangan. “Heueuh, Ismail digantian ku domba. Tah, ayeuna manéh hayang meuncit domba, euweuh. Berarti digantian kunaon?” Buhan sétan, can beunang mah tuluy diélékéték. “Jaba di Pasar siah, jelema réa. Rék nu gendut, rék nu begung ogé, bébas!” Pokna deui, teu euleum-euleum. “Mun nu jadi kurbanna urang kumaha, ditarima moal?” Teuing boga fikiran ti mana, manéhna ujug-ujug ngomong kitu. “Dasar, belegug. Kapan ti peuting ogé déwék nitah kitu!” Nu ngaharéwos nyakakak. Atoh. “Heug atuh ari kitu mah!” Teu loba mikir deui, di jero Pasar, manéhna nelasan pati, nunceb-nuncebkeun péso kana awak sorangan.

Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url