Subhanalloh
“Subhanalloh!” Jung, manéhna nangtung, ngahuleng. Rarasaan mah asa bener, geus opat rokaat. Kuduna geus tahiyat akhir. Naha, aya makmum nu nyebut subhanalloh?
Boa, salah kitu? Ké…ké…piraku kudu balikan deui mah solatna? Sabot manéhna keur ngahuleng kitu, sora nu nyebut subhanalloh pating témbalan.
Manéhna kalah ka beuki tagiwur. Saumur manéhna jadi Imam, kakara ayeuna manéhna ngalaman kajadian kitu. Rarasaan mah asa teu salah, bieu téh kuduna geus tahiyat akhir.
Di mana-mana ogé, solat isya mah, kabéhna opat rakaat. Naha, sora Subhanalloh kalah pating témbalan? Siga nu nyalahkeun.
“Astagfirulloh!”
Bakating ku soak, teu luak lieuk deui, beretek manéhna lumpat ka luar. Ninggalkeun makmum nu marolohok di jero masjid.
Isukna, di warung, di parapatan ojég, di sawah, di walungan, di tempat panyeuseuhan, jelema geunjleung. Pada nyeungseurikeun manéhna, nu teu parat ngaimaman solat, gara-gara aya nu nyebut subhanalloh.
Samaruk manéhna sora makmum, teu nyaho ukur sora hapé.