Samsudin, Balanja Odol

“Pih, atuh ih, diem waé. Mending close up, mending pépsodént? Ceuk nu beulah kénca, memetot leungeun manéhna.

“Oh, papih atuh nami téh, manawi Samsudin?” Haréwos nu beulah katuhu, ngomong kituna téh bari ngadilak. 

“Euuhh…” Ukur sora éta nu kaluar tina biwirna, teu kurang, teu leuwih. 

Fiksi-Mini-Sunda-Samsudin-Balanja-Odol

Dihapit ku dua awéwé nu geus katalian ku batin ieuh atuh lain sing. 

“Ibu, maaf ya, kok dari tadi ngikutin kita terus. Ibu kenal sama si Papih yah?” Lila-lila mah, nu beulah kénca téh curigaeun. 

“Euuuh…” Keukeuh, ukur sora éta wungkul nu kaluar tina biwir manéhna. 

Paciweuh. Hayang jadi wasit, tapi piriwit jeung kartuna teuing di mana. Nu aya, kalah éra, disérangkeun ku loba jelema. 

“Papih lagi, dari tadi kok diem terus. Jelasin sok sama Néng, si Ibu téh siapa?” Awéwé nu beulah kénca antukna murang maring. 

“Heueuh sia téh, Samsudin, lain ngomong, dirontok siah ku aing!” Nu beulah katuhu, teu éléh géléng. Huntuna kekerot.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url