Fiksi Mini Sunda Pélét



fiksi-mini-sunda-pélét
BORO-boro batur, indung sorangan ogé tepi ka gogodeg, nempo salaki kuring siga kitu mah. Enya, geus cakemong, begung, ceking téh, teu tanggung jawab deuih. Pék wé geura, geus lima taun tara ngabayuan. Pagawéan saré wé jeung saré. Awéwé mana anu kuat dikitukeun? “Boa, dipélét meureun manéh téh, Onin?” Ceuk si Mamah, harita, basa kuring balik digawé. Asa kaingetan. Ti heula kungsi manggihan keretas salambar dina lokétna. Ciuman kélékna mun keur saré, Kadé, sapeuting ogé ulah tepi ka kaliwat. Boa, enya kitu, kuring téh dipélét? Pédah wé meni unggal peuting nyiuman kélék téh. “Simpén wé ieu isim, dina luhur panto. Sina kalangkungan ku si Aa. Mun raray si Aa katingal ku Néng siga monyét. Berarti Néng keuna ku pélét” Ceuk si Mama, sanggeus ngasongkeun keretas. Isukna. Unggal ngaliwat kana lawang panto, bener wé beungeut salaki téh robah. Asa beuki kasép, beuki gagah. Atuh, boro-boro kélék, masing diciuman saawak-awak ogé kuring daék.
Next Post Previous Post
2 Comments
  • HP Yitno
    HP Yitno 30 Juni 2013 pukul 07.41

    cuma mlongo nggak ngerti artinya sob :-(

  • Loker Priangan
    Loker Priangan 28 Agustus 2013 pukul 08.23

    itu bahasa sunda sob, kalo mas punya teman orang sunda pasti ngerti, makasih ya atas kunjungannya. :-)

Add Comment
comment url