Fiksi Mini Sunda Duit Lépét


fiksi-mini-sunda-duit-lepet
“Aya mol anyar siah!” Kipas angin, nu cikénéh dibeuli, ngaharéwos. “Kajeun!” Témbal kuring, sangeunahna. “Naha?” Ngadéngé kuring ngomong kitu, kipas angin gulak-gilek. “Kuring mah duit lépét, bihéung ditampa ku kasir ogé!” Cekéng, satengah gigibrig. “Ih, ulah peunggas harepan atuh, saha nu apal isuk pagéto, dibawa ulin ka mol. Bisa ngasaan kumaha cicing di jero mol” Pokna, bari niupan tonggong. “Ah, da kuring mah ukur sarébu pérak, euweuh hargaan” Da, enya, atuh. Ti saprak cicing dina pésak tukang parkir, tepi ka pindah ka dieu, kuring can kungsi unggah deui ka mol. Sapopoé, ngajentul wé luhureun tivi. Gular-golér teu pararuguh. Kipas angin, ngadak-ngadak eureun. “Mah, abdi badé améng, nya!” Budak nu boga imah, kadéngé gogorowokan. Geus kitu, kedewek, kuring dipésakan. Haté asa bungangang. Bungah. Sugan wé rék dibawa ka mol. Lima menit ti harita. Kuring ditulap-tilep, teu sirikna ditikel-tikel. Geus kitu, geuleuyeung, kuring digeuleuyeungkeun dina solokan. Ngangkleung. Nyangsang-nyangsang sotéh pédah aya runtah.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url