Fiksi Mini Sunda Play Station



Fiksi-Mini-Sunda-Play-Station
INDUNGNA mah geus daékeun. Boro-boro taun hareup. Masing bulan isuk ogé hayu, cenah. Asal nyaah, tanggung jawab dunya akhérat, bisa narima kaayaan manéhna, randa boga anak hiji. Manéhna ridho dikawin ku kuring. Ngan, budakna, kéhéd téh. Orowodol, olo-olo. Geus puguh kuring mah teu bisa maén PS. Ieu, hantem wé, digugusur ka tengah imah. Kudu maén PS. Pajarkeun téh, “Kalo Om bisa ngalahin saya, baru boléh nikah sama Mamah!” Atuh, unggal maén, karesepna téh maénbal, kuring teu weléh dikékéak. “Payah nih si Om, katanya bobotoh Pérsib. Maén PS aja nggak bisa!” Indungna sarua deuih. Kahayang kuring mah cik atuh jiwir budak téh. Ulah kitu, kituh. Teu sopan. Kapan PS-na ogé meunang meuli kuring. Jeung euweuh kabosen wé deuih. Unggal apél. Kudu maén PS. Teu bisa henteu. Ari pok téh témbal indungna kumaha? “Kalahin atuh, Kang. Kan kalo menang nanti saya ajak Akang main Kungfu di kamar!” Alah, ieung, kalah saruana gening.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url