Fiksi Mini Sunda Pérum
KUNU laloba duit mah, saperti PNS, pangusaha, atawa pagawé Bank. Kuring téh katelahna pérum. Sapopoé, mun teu maéhan gunung, nya maéhan sawah. Naon deui, da kuring mah teu béda jauh ti drakula. Drakula onaman aya bageurna, maéhan jelema pas maleman purnama wungkul. Kapan kuring mah unggal waktu gé ngagalaksak. Teu kaop nempo gunung montok, sawah dénok, sikat. Angot, gunung jeung sawahna, deukeut ka jalan badag mah, teu meunang diengkékeun deui. Nu kitu téh, piatoheun PNS, pangusaha, jeung pagawé Bank. Demi ayeuna, kuring téh keur rada strés. Rék teu kitu kumaha, tiap lembur nu didatangan ku kuring, hiji ogé euweuh nu ngabogaan gunung jeung sawah. Mangkaning si Bos geus ambek-ambekan. Pajarkeun téh ari DP geus didahar, ari proyék can aya waé. Teu nyangka sacongo buuk puguh, di lembur gé gening geus loba saingan. Harga dibawah pasaran, teu sirikna silih beubeut téh, enyaan. Kudu kumaha atuh? Piraku kudu maéhan laut mah?