KEUR jongjon ngajuki, tara-tara ti sasari, si Bapa nelepon. Riweuh teu riweuh, wayahna cenah kuring kudu balik. Ngomongna mah penting, duka aya naon. Sapaparat jalan, haté dag-dig-dug, teu pararuguh. Nginget-nginget, bisi peuting kuring ngimpi goréng. Tapi da asa henteu. Naon atuh, nya? Ditanya si Ema cilaka, lain. Adi ménta bekel sakola, sarua deuih lain. Pokona ka dieu wé heula, peupeujeuh. Kitu pénta si Bapa ‘na telepon. Bisi heueuh penting, motor mio nu dunungan téh, geuwat wé digebér satakerna. Tepi ka imah. Kasampak Rani, Euis, Éka, jeung Yuni, keur dariuk dina korsi. Saurang gé euweuh nu teu cirambay. Geus cop. Pasti. Moal salah. Enya, moal salah. Sanggeus sasalaman. Gantawang si Bapa ngomong, “Aing mah teu nyaho naon-naon. Nu opatan ieu téh kadieuna cenah rék ménta tanggung jawaban manéh. Pék wé uruskeun, kumaha karep. Teungteuingeun pisan sia mah, ngareuneuhan téh meni saopat-opat”
Fiksimini