KEUR uplek ngobrol jeung kabogoh, torojol aya wartawan. Ménta waktu sakedeung cenah hayang wawancara. Horéam-horéam ogé, kapaksa dilayanan. “Kudu diperhatikeun atuh ku kolotna, ku Guru mah moal cukup. Waktuna terbatas” Cekéng, basa dipénta koméntar ngeunaan barudak sakola nu ngiluan géng motor. Geus kitu, jeprét-jéprét, kuring jeung kabogoh difotoan. “Dimuat kitu, Kang?” kuring nanya, ka wartawan. “Tangtos wé. Mésér geura énjing koranna, foto Akang sareng Néng, bakal muncul di halaman pertama” Pokna, bari nyebutkeun ngaran koranna. Ngadéngé kitu, haté ngadak-ngadak bungah. Ti baheula puguh hayang asup kana koran téh. Ieu asa manggih milik. Sanggeus bébéja ka kolot, ka tatangga, kuring bakal aya dina koran. Isukna, kuring ngahajakeun meuli koran. Tepi ka imah. Kolot jeung tatangga geus ngariung, narungguan. Teu talangké, lung wé si koran téh dialungkeun. Sina dibaraca. “Gening kur foto si Néng wungkul nu dimuatna?” Kolot ngagorowok, satengah nyakakak. Panasaran. Ditempo téh, enya wé, foto kuring mah euweuh.