Fiksi Mini Sunda Asup Angin

Fiksi-Mini-Sunda-Asup-Angin
NGOSÉNG kangkung, teu dibawangan, bisa kénéh dihuapkeun. Tapi, mun bobogohan, teu sosonoan. Sarua jeung bohong. Kitu ceuk Odong ka Nonoh, basa harita. Kaharti kana kituna mah, Nonoh gé da sarua awéwé normal. Ditoél-toél waé mah, ceuk paribasana, hayang meureun. Masalahna, kolot Nonoh mah béda jeung kolot batur. Boro-boro ocon atawa otél, diuk ngaréndéng dina korsi ogé, teu meunang. Unggal Odong apél ka imah, indung bapana, teu weléh maturan. Kusabab pusing, sakali mangsa, Odong ngakal. Liang irungna dikodék, tuluy can nepi ka bersin mah. Sanggeus bersin, pok wé Odong ngomong ka Nonoh. “Lebet angin, duh! Pangerokeunlah, tiasa?” Ideu édun tah, nyaan. Ku cara kieu, sigana kolot Nonoh bakal ngakopkeun. Piraku wé, ngerok-ngerok tonggong waé, kudu ku kolot. Tapi da édas, kolot Nonoh mah gening, béda jeung kolot batur. Ngadéngé Odong asup angin téh, indungna kalah mairan. “Ku Bapa wé Jang dikerokna. Asa aya da minyak keletik di dapur” Pokna, bari cengkat.


Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url