Fiksi Mini Sunda Angeun Tutut

Fiksi-Mini-Sunda-Angeun-Tutut
GEUS lila teu murak angeun tutut, kabeneran aya nu dagang. Buru-buru wé disampeurkeun. “Sabarahaan Bu, sakantong?” Cekéng, muka lokét. “Dua rébu, cép!” Témbal si Ibu, caleuy. Kusabab tingal sapuluh kantong deui. Si Ibuna ogé katempona siga nu geus capéeun. Karunya. Teu loba omong, diborong wé. Tepi ka imah. Burulu, si angeun tutut téh di kana mangkokeun. Suruput cai angeunna ditotor. Diasaan. Alah, kieu gening. Asa cawérang. Teu karasa uyah-uyah acan. Kajeun kétang, ah. Teu butuh caina ieuh uing mah, butuh ogé tututna. Hiji, dua, tilu. Tutut nu mareujeuhna téh ku uing dikecrok. Kosong. Euweuh eusian. Opat, lima, genep. Sarua. Ukur badag cumah. Tujuh, dalapan, salapan. Ké..ké… aya eusian euweuh tutut téh? Saratus dalapan puluh dalapan, saratus salapan puluh salapan. Tepi ka tutut anu panungtung, tutut anu ku dua ratus. Ku uing dikecrokan téh, nyaan, hiji ogé euweuh nu bukuran. Nyamos wé. Sugan gélo kitu si Ibu téh?
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url