ABDI mah teu peryogi coklat, kembang, atanapi éskrim. Peryogi ogé abdi mah, unggal malem minggon, Aa aya kanggé abdi. Sakitu. Lima belas taun kalarung. Surat ti manéhna, ku kuring dibaca deui. Mun harita geus usum BBM, eusi haté manéhna nu paling jero, sigana pinuh ku simbol. Kusabab harita zamanna surat. Eusi haténa, ukur maké amlop harvést wungkul. Surat ti saha, tah? Ulah geruh, répéh. Éta téh surat ti Ani, urut kabogoh kuring. Saha nu teu keuheul sok? Sataun campleng, ti saprak jadian, manéhna can kungsi diapélan. Ngomong sono, jeung bogoh téh, cukup dina surat. Ayeuna, asa kaingetan. Enya, lima belas taun kalarung. Zaman geus robah. Kahirupan geus robah. Ani nu baheula begung, teu béda jeung tihang listrik. Ayeuna, lintuh. Séksi. Geulis, siga widadari. Kunaon suratna ku kuring dibaca deui? Budak uing, peunteunna sok sapuluh waé. Rarasaan, asa teu pinter-pinter teuing. Basa ditanya saha wali kelasna? Pokna téh, Bu Ani, cenah.