Tangkal Jambé


Fiksimini-Tangkal-Jambé
APAL lin, tangkal jambé? Di lembur mah, mun Agustusan, sok dipaké maén rebutan. Di luhurna, ngajajar hadiah. Kayaning baju, anduk, panyiuk, sabun, sarimi, jeung sajabana. Malah, sapéda jeung amplop nu eusina duit ogé, aya. Mun gedé angin, kalan-kalan, sok aya nu murag sorangan. Jadi boroan nu keur leledokan. Tah, kamari uing indit, ka Jakarta. Apal lin, Monas? Kamari mah, Monas téh percis tangkal jambé. Di luhurna, aya nu antung-antungan. Loba. Aya, kana saratus mah. Basa ku uing dikéker, ti luhur gedung. Horeng, nu antung-antungan téh, jelema. Bakating ku panasaran, ditémbak wé ti kajauhan, salah saurang. Dooor! Koléang. Murag ka handap. Sajam ti harita. Cetrék, uing nyetél plasma. Sekilas info. “Seorang koruptor jatuh dari Monas, diduga ada yang menembak dari jarak jauh, menggunakan senjata otomatis.” Ha ha ha ha. Apal, teu? Di Rusia mah, némbakan jelema téh, uing dibayar ku dollar. Di Indonésia, némbakan koruptor, kitu patut. Keun baélah. Haratis!

Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url