Fiksi Mini Sunda Bekel Sakola

SAMI sareng Nita. Tini mah ku Mamahna, sadinten téh sok dibekelan lima rébu. Éta téh acan ti Apana. Saterang abdi, Apa Tini sareng Apa Nita, damelna di kantor. Pami ameng ka pérum, ka bumi Tini sareng Nita. Apana sok masihan artos. Aya sarébu, aya dua rébu. Malih, tilu rébu ogé kantos. Bageur pokona. 

Fiksi-Mini-Sunda-Bekel-Sakola.jpg

Pami Euis kumaha? Euis mah karunya. Bujeng-bujeng aya nu masihan bekel. Mamah sareng Apana ogé tos teu aya. Maot, waktos Euis nuju alit. Artos pamasihan Apa Tini sareng Apa Nita téa, ku abdi sok dipasihkeun ka Euis. Muhun, sapalih kanggé bekel, sapalih kanggé nabung. Hawatos tuda, mulungan waé buku, sapatu, sareng acuk tilas abdi mah, bilih isineun. 

Pami abdi kumaha? Abdi mah alhamdulillah, ti aalit ogé tos diajar mandiri. Sok sanaos masih kénéh gaduh Ema sareng Bapa. Abdi mah tos langki ukeun bekel. Da unggal dinten, unggal uih sakola, abdi mah sok icalan koran di Masjid Agung.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url