Cincin Hérang

Fiksimini-Cincin-Herang
ADU regeng, euweuh kaéra. Sakitu geus lain-lainna ogé, éh da keukeuh. Puguh manéhna téh geus horéameun wawuh jeung uing. Tapi, hantem wé, ku uing téh dipaksa. “Wios, teu kedah ngarépotkeun,” Pokna, bari tunga tengo, ka parapatan. Susuganan, aya ojég, meureun. “Pliiis, Nyi, abdi hoyong nyarios,” Uing, teu éléh géléng. Keuheul-keuheul ogé, manéhna téh kungsi jadi kabogoh uing. Piraku teu inget, kumaha bélana uing ka manéhna, baheula. “Aya naon deui atuh, kapan tos jelas ieuh!,” Biwirna, baketut. “Wios, Nyi, dugi ka Bypass ogé. Hayu, dijajapkeun. Serius ih, abdi aya picarioseun,” Motor, disetater. Tuluy dipareuman. Kitu jeung kitu wé, salila dua jam. “Hayu atuh, tapi dugi ka bypass, nya? Jangji?,” Alhamdulillah, lééh ogé. Sapaparat jalan, kuring ngabudah. Ngarayu. Sugan jeung sugan, manéhna daék balikan deui jeung uing. Tepi ka Bypass. “Hapunten, sanés abdi nampik. Tapi..,” Manéhna némbongkeun ramo. “Abdi tos aya nu ngiket” Teuing sabaraha gram, dina ramo manéhna katingali cincin hérang, boborélakan.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url