Neundeun Rusiah
BUHAN geus asa ka anak, dipihapéan budak jeung pamajikan ku si Ujang téh, kalah ka atoh nu aya. Asa aya batur. Sabuat si Ujang euweuh, budak jeung pamajikanana ku kuring sok mindeng dibawa ka kebon. Ngahaja sina ngebon. Hiji poé, basa si Ujang nelpon ngabéjaan yén manéhna ditéwak ku Pulisi, gara-gara démo. Si Jalu, budak si Ujang, nanya: “Bah, ari si Bapa téh ka Jakartana rék naon? Rék ngajual hui jeung sampeu lain? Pokna. Ngadéngé budak ngomong kitu, kuring jeung Indungna ukur bisa mésem. Tapi, teu burung ku kuring téh dibéjaan, sangkan budak ngartieun. “Lain, jalu. Bapa manéh mah ka Jakarta téh lain rék dagang. Tapi, rék démo” Cekéng, bari ngusapan buukna. “Kutan, rék démo?” Indungna, langsung molohok. Gebeg. Kuring reuwas. Sabuni-bunina neundeun rusiah, angger kapanggih. “Jadi, Kang Ujang téh ka Jakartana, ukur rék ngilu démo? Lain rék dagang, maraban anak pamajikan?” Kasebut urut mahasiswi, wajar meureun, mun manéhna ambek.