Makar

“Jadi, kumaha, sapuk?” Ditanya kitu, nu keur ngariung di hiji rohangan, ngaharuleng sakedapan.


“Moal disebut makar kitu, mun urang nyieun nagara sorangan?” Nu baju hideung, gigireun nu maké kaméja bodas, ngawanikeun karep nuluykeun obrolan.


“Teu jadi masalah aya nu nyebut makar ogé, ari sakira-kirana hirup urang bakal genah merenah tumaninah mah!” Témbal nu maké jas hideung, bari ngaluarkeun roko Marlboro tina pésakna. Laju ngomong deui,

“Dari pada hirup di nagara nu teu puguh alang ujurna, mending nyieun deui nagara sorangan”


Jempling deui, haseup roko mulek, minuhan rohangan.


“Ngaran nagarana, naon?” Nu diuk di juru rohangan, ngilu ilubiung. Siga nu sieuneun teu diaku.


“Tah, bener pisan, ngaran nagarana, naon?” Méh ampir babarengan ngomong kituna téh.


“Barodo sia mah, nya nagara koruptor atuh, maenya nagara tukang nyandung!” Hoak nu maké baju loréng, bari ngagebrag méja.


“Sapuuuuk!” Ceuk nu kabéhan. Ditungtungan ku surak, balakécrakan.


Haseup roko Marlboro, mulek deui, minuhan rohangan.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url