Fiksi Mini Sunda: Pangantén Anyar

KEUR kuring mah nu sok dagang cocooan, aya nu hajat téh atoh nakeranan. Matak basa ceuk si Kosim, tukang céndol, di tonggoh aya nu keur kawinan téh, teu talangké deui. Gewat wé béktu butut téh diselah, teu sirikna tipoporoséh.

Ambuing, enya wé hajat gedé ieu mah, aya pongdut jeung wayang golék sagala. Barang srog kadinya, kupireng nu keur dirapalan maca ijab qabulna meni handaruan. Ngan palebah nyebut maskawinna ku Sabundel Fikmin, kuring jeung ibu-ibu nu geus sariap taratan-tatan rék muru sawéran, teu burung kurang kerung heula. Ké, Sabundel Fikmin?

Fiksi-Mini-Sunda-Pangantén-Anyar

“Ari Fikmin téh naon kitu, Ceu?” Kuring noél ka si Euceu nu titadi kucap kiceup waé. Siga nu hayang dibéré balon.

“Fikmin téh fiksimini basa sunda, Kang. Pami teu lepat mah. Kapan si Tétéh sareng si Aa téh saurna pendak jodona waktos kopi darat Grup Fikmin di Bandung, si Tétéh sareng si Aa diwanohkeun ku salah sawios pupuhu Fikmin” Témbal si Euceu, bari hantem wé kucap-kiceup, teu eureun-eureun.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url