Fiksi Mini Sunda: Ngagerebeg

INGET kénéh wé tah kuring mah, basa manéhna keur SMP, manéhna kungsi ngomong kieu, 

“Pami abdi tos lulus SMA, urang nikah yu A, karunya Ma Haji bisi kabujeng maot” 

“Enya, Hayu” Témbal kuring, basa harita. 

Tuluy basa manéhna lulus SMA, manéhna ngomong deui, 

Fiksi-Mini-Ngagerebeg

“Pameng A lah, tos bérés kuliah wé nikah téh, muhun? Naon da si Ma hajina gé ayeuna mah tos maot ieuh?” 

“Enya, siap, okéh!” Ceuk kuring deui, teu loba omong. 

Ayeuna, sanggeus manéhna bérés kuliah, sanggeus boga gelar sarjana, geus ngajar di tilu sakola. Naha kalah kawin jeung si Yuda budak Haji Sarmijan, nu teu puguh gawéna téa? Ké… asa lieur ieu téh? 

“Teu kénging lieur atuh A, kapan urang téh ayeuna mah tos putus. Janten abdi badé nikah sareng saha waé ogé bébas? Bongan saha Aa kapungkur ujug-ujug ngagerebeg. Cobi mun teu ngaberebeg, meureun abdi cios nikah sareng Aa!” Pokna. Teu kireum-kireum.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url