Mulang Ti Jakarta

MULANG ti Jakarta, kasampak di imah, pamajikan keur sosonoan jeung lalaki séjén. Teu loba omong, gancang wé muru ka imah mitoha. 

Nepi ka imah mitoha, kasampak deuih keur loba jelema, siga nu keur balakécrakan. Rék nyanyaohanan asup, éra. Loba nu marelongkeun. Antukna kuring balik ka imah kolot. 

Di imah kolot, sanggeus Ambu jeung Abah nyarita bari nyurucudkeun cisoca, kuring kakara surti. Pamajikan téh gening lain salingkuh jeung lalaki séjén, tapi keur bulan madu jeung salakina nu anyar. 

Fiksi-Mini-Sunda-Mulang-ti-Jakarta

Enya, di imah mitoha loba jelema téh singhoréng keur syukuran. 

Sedih? Lain sedih deui, asa tijajalungkir puguh rarasaan téh. Teu piragé ditinggalkeun sataun meni teu salabaran kitu. 

Tapi keun baélah. Heuleut saminggu ti harita, kuring amitan ka Ambu jeung ka Abah. Miang deui ka Jakarta. 

Méméh indit, kuring ngaharéwos heula ka Ambu: “Tenang Mih, engké ogé si Néng pasti hanjakaleun. Teu apaleun meureun, isuk pagéto, kuring rék syuting di OVJ”
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url