Fiksi Mini Sunda Hayam Pelung



fiksi-mini-sunda-hayam-pelung
BOGA hayam pelung téh anéh. Unggal malem jumaah, sok ngadak-ngadak leungit tina kandang. Teuing ka mana. Mimitina mah teu percaya. Sabab kandangna ogé lain kandang tina pelastik, tapi kandang tina beusi. Maké konci gembok sagala. Meunang ngahaja nyieun ti tukang beusi. Kumaha kandang maung wé. Diteundeunna ogé di jero imah. Asa pamohalan aya nu maok. Kusabab teu percaya kana tahayul. Hayam pelung paméré Aki téh ku kuring dipeuncit. Angeunna dibagikeun ka tatangga. Hayang kaasaan hayam pelung rasana kos kumaha. Ngan, édas, unggal peuting. Tatangga nu ngadahar hayam sok ngimpi didatangan jurig cenah. Pajarkeun téh kuring kudu dipaéhan. Satungtung kuring masih kénéh hirup. Hujan angin dor-dar gelap di ieu lembur moal root-root. “Podaran wé atuh jelema kitu mah. Matak nyilakakeun lembur. Nyaho hayam karuhun kalah dipeuncit!” Riungan di Balé Désa, mimiti harénghéng. Kuring dirangkét. Pa Kuwu, katempo, geus ngulang-ngulangkeun bedog. Hujan angin dor-dar gelap, beuki lila, kalah ka beuki campuh.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url