Fiksi Mini Sunda Guda-Gadé


fiksi-mini-sunda-guda-gade
GEUS biasa si éta mah. Teu kaop éléh judi, lumpatna téh pasti kana guda-gadé. Tempo wé di gudang. Ti mimiti kulkas, tivi, kipas angin, magic com, tepi ka motor paranti manéhna ka ditu ka dieu. Éh, da, digadékeun. Sok karunya sakapeung mah. Ti heula téh kungsi dipapatahan. Geus atuh tong judi waé, sing karunya ka anak pamajikan. Budak sakitu rendeyna. Pamajikan sakitu bageurna. Naon deui, anggur mah usaha sing bener, ibadah sing leket. Ulah ngagugu waé karesep. Baheula keur léngoh, rék kukumaha ogé, moal aya nu nyarék. Ari geus rumah tangga mah, cik atuh mikir. Barina ogé judi, euweuh hasilna ieuh. Kagok mapatahan, sakalian wé barang-barangna ogé titah dicokotan. Akutan ka ditu, teu kudu ditebus. Asal kalakuan robah. Ulah maén judi waé. Tapi, da, buhan anjing kabeukina tai. Masing dipapatahan ku pantar Ajengan ogé, noyod wé. Komo sanggeus aya nu ngajak taruhan maén bal. Kasebelan téh kalah rék ngagadékeun pamajikan.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url