Fiksi Mini Sunda Widadari

Fiksi-Mini-Sunda-Widadari
BA'DA parasmanan. Kuring nguliwed heula ka tukang. Ti gigir, lebah pager imahna, manéhna ku kuring difoto. Dibongohan. Awéwé sampurna. Mun jadi kabogohna téh bagja pisan. Hanjakal, teu kungsi sasalaman. Rusuh, jeung percomah wé deuih. Di nu walimahan kitu mah kenalanana ogé moal fokus. Unggal peuting, foto manéhna teu weléh ditatap, diusap. Bangirna, cureuleukna, mungguh widadari surga. Asa hayang sagep-gepeun wé nangkeup, ngaléng cangkéng, atawa ngaranggeum ramona. Matak waas, duh! Lima welas taun kaliwat. “Ada nomer 23?” Ti lokét, aya nu ngagorowok. Ku kuring geuwat ditoél. “Téh, tuh, disauran!” Cekéng, ngaharéwos. Manéhna buru-buru cengkat. “Saha?” Pamajikan, nanya. “Dulurna Kang Oding” Témbal kuring, sakadaék. Pamajikan teu loba curiga. Heueuh, Alloh mah wenang. Kuring jeung manéhna dipanggihkeun deui di Kantor Jamsosték. Sabot pamajikan keur ka toilet. Manéhna ku kuring difoto deui. Dibongohan deui. Gusti, mungguh widadari. Bangirna, cureuleukna, beuki dieu téh, asa beuki nyari.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url