Fiksi Mini Sunda: Ngacung

Fiksi-Mini-Sunda-Ngacung
AJENGAN Obos. Unggal ceramah, teu weléh ngeunaan free séx, narkoba, jeung géng motor. Majuna agama jeung nagara téh cenah, kumaha barudak ngorana. Hiji peuting, budakna nu jarelug jangkung badag, nu kuliah di luar kota, diriungkeun. Biasa, méméh kana substansi, Ajengan Obos mukadimah heula. Nu kadéngé kurang leuwih kieu: “Dakwah nu éféktif téh, dakwah nu dimimitian ti kulawarga. Percomah gogorowokan dina speaker, mapatahan batur. Kudu bener, kudu cageur. Ari dirina sorangan, leuwih lieur. Tah, kusabab kitu, Abi hayang nanya ka maranéh kabéh. Nu sok zinah, sok mabok, sok ngiluan géng motor. Cung, ngacung! Peupeujeuh, kudu jujur, lantaran Abi téh dihenteu-heunteu ogé Tokoh. Mun henteu, ti semet ayeuna, ku Abi moal dibiayaan kuliah” Pokna. Ngadéngé kolotna ngomong kitu, saurang ogé harita, budakna euweuh nu teu ngacung. Malah teu sirikna bari nangtung. Pajangkung-jangkung.
Next Post Previous Post
No Comment
Add Comment
comment url